Google

Mencari Tulisan :
 





<< January 2012 >>
Sun Mon Tue Wed Thu Fri Sat
01 02 03 04 05 06 07
08 09 10 11 12 13 14
15 16 17 18 19 20 21
22 23 24 25 26 27 28
29 30 31



bujanggamanik@yahoo.co.id

If you want to be updated on this weblog Enter your email here:











RSS
Atom
rss feed















Monday, May 14, 2007
Tentang Puisi

"Tidak bisa diungkapkan dengan kata-kata", sekali waktu kita mungkin pernah mendengarnya atau bahkan kita sendiri pun pernah mengatakan ungkapan seperti itu. Sebab ikhwalnya adalah seringkali kita tidak bisa merumuskannya dengan pasti setiap perasaan yang berkecamuk dalam benak begitu juga dengan setiap peristiwa yang datang menghampiri kita. Sebuah puisi dengan demikian menjadi semacam jembatan untuk menyiasati ketidakmampuan kita merumuskan hal yang terlihat remeh-temeh itu untuk bisa diungkapkan dengan kata-kata.


Dikirim pada 11:20 am oleh [Candra T. Munawar]
Make a comment  

Tuesday, April 03, 2007
Juru Sawang (Sudut Pandang) dina "Nin" *

Ku: Candra T. Munawar


1

Carita pondok (carpon) "Nin" yasana Hermawan Aksan mimiti dimuat dina majalah Manglé No. 1895, carpon nu kungsi meunang kasinugrahan jadi Carpon Pinilih Manglé ieu téh laju disabukukeun dina buku Kanagan: Kumpulan Carpon Pinilih Manglé Hadiah Uu Rukmana (2003) babarengan jeung sawatara carpon lianna nu ogé sarua meunang kasinugrahan. Pikeun kapentingan ieu tulisan, sumber data nu digunakeun dumasar kana carpon "Nin" nu dimuat dina éta buku téa.

Dina carpon "Nin" nu jadi puseur lalakonna nya éta tokoh Nin jeung "Kuring" (Akang), "Kuring" jeung Nin teh minangka salaki-pamajikan nu salila tujuh taun bobogohan nepi ka jadi ngarangkepna taya pisan halangan-harungan dina enggoning maheut-manteungkeun tali asih di antara maranéhanana, éstuning lulus banglus siga naék mobil di jalan tol. Kari-kari ayeuna, basa parahu rumah tangga di antara maranéhna geus ngangkleung asup bulan kaopat turta Nin téh remen utah-utahan alatan geus ngandeg, Nin boga paménta nu ceuk anggapan "Kuring" mah teu ka tepi ku akal sanajan éta téh perbawa orok nu keur dikandung: Nin hayangeun "Kuring" boga kabogoh deui, Nin hayang ngarasakeun kumaha rasana dipangnyéléwérkeun ku nu jadi salakina, hayang ngasaan kumaha rasana timburu. Tungtungna "Kuring" téh éléh déét, paménta Nin nu teu ilahar siga kitu téh antukna ditedunan ogé bakating ku nyaah ka nu jadi pamajikan jeung ka si utun-inji nu keur dikandung.


2

Juru  sawang (sudut pandang),  point of view  mangrupa cara atawa sawangan nu digunakeun ku pangarang minangka cukang pikeun ngébréhkeun tokoh, tindakan, latar jeung sawatara peristiwa nu ngawangun carita dina hiji karya fiksi ka nu maca (Abrams dina Burhan Nurgiyantoro, 2002:248).

Aya sawatara istilah nu sarua hartina atawa sed saeutik beda hartina jeung istilah juru sawang (sudut pandang). Dihandap dipérélékeun sababaraha istilah nu aya pakuat-pakaitna jeung istilah juru sawang (sudut pandang) ti sawatara ahli sastra. Juru sawang (sudut pandang) sigana bisa disaruakeun hartina, samalah leuwih ngécéskeun, jeung istilah pusat pengisahan, focus of narration (Stevick dina Nurgiyantoro, 2002: 248-249). Genette (dina Nurgiyantoro, 2002:249} méré istilah pokalisasi (fokalisasi), focalitation, nu leuwih deukeut pakaitna jeung pengisahan. Pouillon jeung Todorov (dina Nurgiyantoro, 2002:249) ngagunakeun istilah visi, vission nu dibédakeun kana tilu wanda: vission from behind, vission with jeung vission from without, nu tiluanana bisa dihartikeun panyatur (narator) leuwih nyaho tibatan tokoh, panyatur (narator) sarua nyahona jeung tokoh, jeung panyatur (narator) kurang nyaho tibatan tokoh. Lubbock (dina Nurgiyantoro, 2002:249) maké istilah juru sawang (sudut pundang), point of view, ari Blin (dina Nurgiyantoro, 2002:249) maké istilah field. Boh juru sawangna Lubbock boh field-na Blin duanana sarua hartina jeung vission with-na Pouillon jeung Todorov (Nurgiyantoro, 2002:249}.

Juru sawang dina karya fiksi masualkeun: saha nu nyaritakeun, atawa ti lebah mana (saha) peristiwa jeung tindakan éta teh diténjo (Nurgiyantoro, 2002:246). Juru sawang ku manéh dina gurat badagna mah dibédakeun kana dua jinis: jalma kahiji (persona pertama}, first-person, gaya "kuring", jeung jalma katilu (persona ketiga) third-person, gaya "manéhna" (Nurgiyantoro, 2002:249).

Dina milih jinis jalma (persona) nu digunakeun, di sagédéngeun mangaruhan kana mangkakna carita jeung masalah nu dicaritakeun, ogé bakal mangaruhan kana kabébasan jeung katanwatesanan, kaseukeutan, katalitian, jeung ka-objektif-an kana naon waé nu dicaritakeun (Nurgiyantoro, 246-247). Leuwih jauh Nurgiyantoro (2002:246) nandeskeun yén ku urang dina milihna salah sahiji jinis juru sawang bakal aya pangaruhna kana réngkolna éta carita. Mun seug nu ngarang hayang nyaritakeun sawatara peristiwa fisik, aksi, nu sipatna di luar jeung bisa katénjo, tapi ogé hayang nyaritakeun lelembutan nu mangrupa réngkolna pikiran jeung rarasaan, sawatara tokoh sakaligus dina hiji novel, ngeunaan éta sigana bakal leuwih cocog mun maké juru sawang jalma katilu, hususna nu sipatna maha tahu. Sabalikna, mun nu ngarang hayang ngagambarkeun sisi kahirupan lelembutan manusa nu pangjerona jeung pangrusiahna, ngeunaan ieu sigana bakal leuwih neunggeul mun ngagunakeun juru sawang jalma kahiji. Tapi, minangka konsékuénsina, ku sabab si "kuring" téh jadi palaku sakaligus ngan saukur pengamat kejadian jeung jalma séjén di luareun manéhna, pangarang bakal pamohalan mun seug ngagambarkeun peristiwa batin tokoh séjén salian ti si "kuring" (Nurgiyantoro, 2002:251-252). Reaksi afektif nu maca kana hiji karya fiksi ogé dina enas-enasna mah bakal kapangaruhan ku wangun juru sawang (Nurgiyantoro, 2002:246).

Juru sawang minangka salah sahiji élémén dina karya sastra, sakumaha parokna jeung élémén-élémén séjén, moal leupas tina nu ngaranna penyimpangan jeung pembaharuan. Penyimpangan (nu moal pamohalan miboga harti: pembaharuan) dina juru sawang bisa ditilik tina jihat pasualan jalma kahiji atawa katilu. Di sagédéngeun éta, ogé bisa disalisik tina saha tokoh "manehna" atawa "kuring" téh, saha nu nyaritakeunana, naha budak, jalma sawawa, urang kampung nu teu nyaho nanaon, manusa modéren, politikus, budak sakola, alawa nu séjénna (Nurgiyantoro, 2002:252-253). Leuwih jauh Nurgiyantoro (2002:254) nandeskeun ku naon pangna nu ngarang kalahka milih juru sawang maké tokoh nu teu ilahar? Ngeunaan éta, di sagédéngeun néangan épék husus, pangarang ogé hayang nénjo jeung ngawakcakeun hiji hal tina diménsi nu béda, diménsi nu teu pamohalan tacan dibaladah ku nu séjén.


3

Nurgiyantoro dina buku Teori Pengkjian Fiksi (2002) dina ngabéda-bédakeunana juru sawang dumasar kana bébédaan nu geus ilahar dipaké ku nu séjén, nya éta wangun jalma tokoh (persona tokoh) carita: jalma katilu (persona katilu) jeung jalma kahiji ( persona pertama).

Pengisahan  carita nu ngagunakeun juru sawang jalma katilu, wanda "manéhna", panyatur nya éta hiji jalma nu aya di luareun carita nu mintonkeun tokoh-tokoh carita kalawan nyebut ngaran, atawa kata ganti-na, manéhna, anjeunna, maranéhanana.

Juru sawang "manehna" bisa dibédakeun kana dua jinis dumasar undak kabébasan jeung kaiketna pangarang kana pakeun caritana. Di hiji pihak pangarang, panyatur bisa bébas nyaritakeun sagala rupa nu aya hubunganana jeung tokoh "manéhna", jadi miboga sipat maha tahu (sagala nyaho), di pihak séjén manéhna kaiket, kawatesanan kanyaho ka tokoh "manéhna" nu dicaritakeunana téa, jadi miboga sipat kawates, ngan saukur pengamat wungkul.

Dina juru sawang jalma katilu sagala nyaho, ceuk Abrams (Nurgiyantoro, 2002:258) mah, manéhna sagala nyaho ngeunaan tokoh, peristiwa, jeung tindakan, ngawengku motipasi nu ngalantarankeunana. Manéhna laluasa bagerak jeung nyaritakeun naon waé dina kurung waktu jeung tempat carita, pipindahan tina tokoh "manéhna" nu hiji ka "manehna" nu séjén, nyaritakeun atawa sabalikna nyumputkeun ucapan jeung tindakan tokoh, samalah nu ngan mangrupa pikiran, rarasaan, sawangan, jeung motipasi tokoh kalawan jéntré sakumaha ucapan jeung tindakan nu nyata.

Ari juru sawang "manéhan" kawates, ceuk Stanton (Nurgiyantoro, 2002:259) mah, sakumaha ilaharna dina "manéhna" sagala nyaho, pangarang ngagambarkeun naon waé nu diténjo, didéngé, kalaman, dipikir jeuug dirasakeun ku tokoh carita, ngan kawatesanan wungkul ku hiji tokoh, atawa ceuk Abrams (Nurgiyantoro, 2002:259) man kawatesanan dina jumlah nu kawates pisan.

Ayeuna, kumaha ari juru sawang jalma kahiji: "kuririg"? Dina pengisahan carita nu ngagunakeun juru sawang jalma kahiji, first-person point of view, "kuring", jadi: wanda "kuring", panyatur nya éta hiji jalma nu milu ancrub dina carita. Manéhna nya éta si "kuring" tokoh nu ngadongéng, ngadongéngkeun kesadaran manehna ku anjeun, self-consciousness, ngadongéngkeun peristiwa jeung tindakan, nu kanyahoan, katénjo, kadéngé, kaalaman, jeung nu karasa, sarta polahna ka jalma (tokoh) séjén ka nu maca.

Juru sawang jalma kahiji bisa dibédakeun kana dua jinis dumasar kana peran jeung kedudukan si "kuring" dina carita. Si "kuring" bisa waé jadi nu boga lalakon (peran utama), jadi tokoh utama protagonis, atawa bisa waé ngan saukur jadi peran tambahan, jadi tokoh tambahan protagonis, atawa ngan saukur jadi saksi.

Dina juru sawang jalma kahiji "kuring" nu boga lalakon (tokoh utama), si "kuring" ngadongéngkeun ngeunaan naon waé peristiwa jeung paripolah nu kaalaman, boh nu sipatna lelembutan, dina jero diri ku manéh, atawa ogé pisik, hubunganana jeung sagala rupa nu aya di luareunana.

Ari dina juru sawang jalma kahiji "kuring" tokoh tambahan, tokoh "kuring" ngajanggélék pikeun mawakeun carita ka nu maca, ari tokoh carita nu didongéngkeun éta téh laju "dilurjeunkeun" pikeun ngadongéngkeun manéh sagala rupa pangalamanana. Tokoh carita nu dilurjeunkeun ngadongéng manéh éta pisan nu engkéna bakal jadi nu boga lalakon (tokoh utama), sabab manéhna pisan nu leuwih réa ngajanggélék, mawakeun naon waé peristiwa, tindakan, jeung aya hubungan jeung tokoh-tokoh séjén. Sanggeus carita nu boga lalakon (tokoh utama) lekasan, si "kuring" tambahan ngajanggélék deui, nya manéhna pisan nu ayeuna ngadongéng.


4

Carpon "Nin" yasana Hermawan Aksan dina lebah juru sawang (sudut pandang) maké juru sawang jalma kahiji (persona pertama) "kuring" nu boga lalakon (tokoh utama). Ngeunaan kacindekan éta, aya sawatara panginditan nu bisa dipaké dadasar dina nangtukeunana. Salah sahijina nya éta dipakéna kecap "kuring" dina téks nu lain mangrupa dialog, tapi basa lancaran. Di handap dicutat saalinea nu némbongkeun dipakéna kecap "kuring".

"Tujuh taun bobogohan téh, ti saprak sakola kénéh. Tuluy kawin basa geus pada-pada sarjana, tur kuring geus boga gawé nu merenah. Nin mah tara réa nyarita, tapi karasa kasatiaanana dina mangsa tujuh taun bobogohan téh. Peuting kahiji kuring haréwos [sic!]: Nin geulis pisan jiga Rara Ireng putri Basudéwa téa. Manéhna ukur imut bari merebey cipanon." (Kanagan, 2003:426. Citak kandel ti nu nulis).

Pikeun nangtukeun naha juru sawang jalma kahiji dina carpon "Nin" téh kaasup juru sawang jalma kahiji nu boga lalakon (tokoh utama) atawa juru sawang jalma kahiji tokoh tambahan, dina lebah dieu sigana leuwih payus mun nilik deui kana téorina Burhan Nurgiyantoro (2002:263): Dina juru sawang jalma kahiji "kuring" nu boga lalakon (tokoh utama), si "kuring" ngadongéngkeun ngeunaan naon waé peristiwa jeung paripolah nu kaalaman, boh nu sipatna lelembutan, dina jero diri ku manéh, atawa ogé pisik, hubunganana jeung sagala rupa nu aya di luareunana.

Dina teori di luhur aya nu perlu digurat kandel minangka cecekelan pikeun nangtukeunana, nya eta si "kuring" ngadongéngkeun peristiwa jeung paripolah nu kaalaman, boh nu sipatna lelembutan atawa ogé pisik. Di handap dicutat sawatara teks nu némbongkeun peristiwa jeung paripolah nu sipatna boh lelembutan atawa ogé pisik nu kaalaman ku tokoh "kuring".

1.    Peristiwa jeung paripolah nu sipatna lelembutan

"Ah, saha nu nyaho lain keur nyiram ieu mah, tapi aya pihak séjén nu mangaruhan, anu keur ngarékayasa, upamana baé tujuanana ngajegal karir kuring di kantor." (Kanagan, 2003:426-427).

Dina teks di luhur ngagambarkeun peristiwa jeung paripolah nu lumangsung dina lelembutan ngeunaan kacangcaya tokoh "kuring" kana paménta Nin nu teu ilahar.

2.    Peristiwa jeung paripolah nu sipatna pisik

"Keukeupan beuli [sic!] geugeut. Leungeun ngusapan tonggongna. Biwir ngusapan biwirna.

Ngan karasa tiis kawas kuéh tina kulkas.

Béda pisan jeung biwir Lis nu kawas kuéh donat anyar diangkat." (Kanagan, 2003:431).

Dina téks nu dicutat di luhur lumangsungna peristiwa jeung paripolah kalawan nu sipatna pisik, kumaha tokoh "kuring" ngarerema Nin nu tutas ceurik alatan muncunghulna rasa timburu jeung cangcaya kana nu dipigawé ku tokoh "kuring".


* Minangka tugas mata kuliah Telaah Prosa Sunda sawatara taun ka tukang.


Dikirim pada 09:09 pm oleh [Candra T. Munawar]
Make a comment  

Sunday, January 14, 2007
Sekali Lagi Tentang Cinta: Kerikil

Oleh: Candra T. Munawar


Nenden Lilis A

Kerikil


akhirnya, tinggal kerikil di hatiku (1)
dan rasa linu jari-jari yang dicongkel kukunya (2)
bertahun mengingatmu, hanya mengundang (3)
kesedihan seseorang yang menimba air (4)
di sumur kering yang tua (5)
di hening malam derit katrolnya kian terasa (6)

tapi masih juga kakakanmu menggemaung (7)
menepikan angin (8)
lalu lama berhuni di gelap dadaku (9)
memperdengarkan kepuasan seseorang (10)
yang mengulur dan menarik tali (11)
pada tangan yang tak kau sempatkan meraihnya (12)

ada sereset bambu di ulu tenggorokan (13)
yang ingin kuteriakkan agar kau dengar (14)
sebelum lebih dalam menggoresi pita suaraku (15)
dan membuatnya berdarah (16)

1999

(Gelak Esai & Ombak Sajak Anno 2001: 2001)


Membaca Nenden dalam sajaknya "Kerikil", sekali lagi tentang cinta. Memang bukanlah sesuatu yang baru, semacam mengunyah ulang tema serupa yang pernah dikerjakan orang sebelumnya. Masing begitu, pencapaian estetik orang perorang jelas tidak sama, dengan sendirinya gaya pengucapan dan cara menyikapinya pun berbeda pula. Sebutlah contoh Chairil dalam "Senja di Pelabuhan Kecil" akan berbeda dengan "Hanya Satu"-nya Amir Hamzah, walaupun masing keduanya mengusung tema yang sama. Justru hal demikianlah yang telah memperkaya khazanah perpuisian di Indonesia. Sedang ikhwalnya "Kerikil", lewat tulisan ini akan dicoba merebut makna sajak darinya. Dengan keyakinan sajak yang ditampilkan merupakan sajak yang baik, yaitu sebuah bangunan bahasa yang utuh dan otonom.

Kesan pertama didapati adanya nada ketak-enakan lewat ungkapan semisal kerikil di hatiku (1), jari-jari yang dicongkel kukunya (2), menimba air di sumur kering yang tua (4 – 5), dan sereset bambu di ulu tenggorokan (13); yang kesemuanya itu menyarankan sebuah citraan penderitaan yang menyakitkan. Hal apa yang menjadi penyebabnya dapat diketahui lewat kata kuci, bertahun mengingatmu (3). Sebuah kata yang sederhana sekaligus dewasa untuk menyiratkan perasaan cinta pada kau-lirik. Walaupun sama sekali tak ditemukan kata cinta dalam sajak ini—seakan-akan sesuatu yang tabu bagi Nenden, segera kita tahu bahwa kata mengingatmu adalah nama lain dari cinta. Biasanya kalau ada cinta, pasti ada rindu. Dan dari rindu itu bentuk nyatanya adalah mengingat. Lantas yang menjadi pertanyaan adalah, cinta sejenis apakah yang melahirkan penderitaan dan menyakitkan itu?

Diawali pada bait pertama dengan kata akhirnya (1), sebuah kesimpulan dari bertahun mengingatmu (3) yang hanya melahirkan kesedihan seseorang (4) dan rasa linu jari-jari yang dicongkel kukunya (2) sebelum pada akhirnya tinggal kerikil di hatiku (1). Dalam bahasa lain, Si aku-lirik sampai pada kesadaran bahwa cintanya akan kau-lirik hanya menyisakan beban derita yang menyakitkan. Jelas di sini nampak adanya citraan kesia-siaan. Namun kesia-siaan itu tak membuat cintanya aku-lirik menjadi hilang, hal ini bisa terlihat dari kata bertahun dalam bertahun mengingatmu (3) yang bukan bertahun-tahun. Kata bertahun seperti menandakan sebuah kepastian akan keabadian cinta, walaupun pada kenyataan sesakit apapun. Berbeda dengan bertahun-tahun yang cintanya hanya sampai sebatas pada waktu itu saja, saat menyadari akan kesia-siaan. Hal ini dipertegas lagi pada bait yang kedua. Di sana adanya negasi dari citraan pada bait pertama, tapi masih...menggemaung (7) perasaan cinta pada kau-lirik. Kesadaran akan kesia-siaan itu masih menyimpan cinta yang menjelma jadi kesadaran untuk membenci. Karena aku-lirik beranggapan bahwa cinta yang masih ada dari kesadaran akan kesia-siaan, hanya memperdengarkan kepuasan seseorang (10) saja yang mengulur dan menarik tali (11) cinta aku-lirik. Tentunya seseorang itu adalah kau-lirik.

Dari bait pertama dan yang kedua, nampak dan jelas di sana adanya tanggapan aku-lirik akan cintanya pada kau-lirik. Bait pertama melukiskan kesan aku-lirik, sedangkan bait kedua melukiskan kesan kau-lirik dari sudut pandang aku-lirik. Sedangkan yang dilukiskan adalah perasaan cinta. Dapat dirasa kesannya aku-lirik pada perasaan cinta hanya mendatangkan kesedihan seseorang(4), sedangkan kesan kau-lirik dari sudut pandang aku-lirik sebaliknya mendatangkan kepuasan seseorang (10). Dengan hal ini, semakin menggenapkan saja beban derita dari cinta yang harus ditanggung oleh aku-lirik. Mungkin dari sanalah pada bait yang ketiga tertulis ada sereset bambu di ulu tenggorokan (13) yang sejatinya harus diungkapkan sebelum lebih dalam menggoresi pita suaraku (15). Bila dianalogikan, deskripsinya sebagai berikut: Karena tak kuat menahan beban derita dari cinta akan kau-lirik, ada keinginan sekaligus harapan yang ingin kuteriakkan agar kau dengar (14) akan beban derita yang dipikul. Ditakutkan karena lamanya memendam rasa cinta yang melahirkan penderitaan itu, sampai kapan pun tak ada keberanian untuk mengungkapkannya.

Dengan adanya bait ketiga menjadi teranglah akan keseluruhan isi sajak yang dibangun oleh penulisnya, yaitu: Aku-lirik mempunyai rasa cinta pada kau-lirik, namun sayang tak pernah diungkapkan. Makin lama dipendam semakin membuat dia menderita, karena kau-lirik tak pernah tahu akan cintanya. Sampailah pada keberanian aku-lirik untuk mengungkapkan rasa cintanya itu pada kau-lirik. Satu hal yang masih mengganjal, masalah status gender persona aku dan kau-lirik. Interpretasi saya atas sajak ini, aku-lirik maupun kau-lirik bisa dari gender apapun. Karena di dalam sajak itu tak ada sign yang menyiratkan pembedaan status gender. Kita tidak bisa menerima bahwa aku-lirik dari jenis perempuan dan kau-lirik dari jenis laki-laki, hanya karena penulis sajaknya dari kaum perempuan. Ataupun karena ada anggapan umum bahwa yang biasanya tak berani mengungkapkan cinta secara erbal adalah dari kaum perempuan. Bila pun anggapan umum itu benar, maka di sini adanya tendens pengarang untuk kaum perempuan. Yaitu, katakanlah cinta bila kau cinta. Jangan pernah dipendam bila kau tak ingin menderita karena cinta. Yang jelas siapa pun orangnya, apa pun bentuknya, di mana pun tempatnya, dan kapan pun waktunya, sekali lagi tentang cinta katakan cinta. Itu saja.

2003

Pernah dimuat di buletin SeKS No. 10/1/Maret 2003


Dikirim pada 12:44 am oleh [Candra T. Munawar]
Make a comment  

Wednesday, January 10, 2007
Seni dalam Sajak

Oleh: Candra T. Munawar


Seperti juga seni pada umumnya, sastra, khususnya sajak mempunyai dwi-kualitas di dalamnya. Kualitas objek seni dan kualitas medium seni. Kualitas objek seni merupakan kualitas yang dirasakan pada saat berhadapan dengan sebuah objek. Sedangkan kualitas medium seni merupakan kualitas yang diwujudkan lewat medium yang digunakan.

Berhubungan dengan sajak, dwi-kualitas tersebut bisa dipakai sebagai standar seni di dalam sajak. Karena pada dasarnya yang dinamakan seni harus terkandung di dalamnya dwi-kualitas tersebut. Sebagai bahasan lebih lanjut, di bawah ini akan diuraikan mengenai seni di dalam sajak yang dilihat dari dwi-kualitas yang dikandungnya.

Pertama, kualitas objek seni dalam sajak. Sebagaimana yang kita ketahui, objek yang akan kita angkat dalam sajak haruslah pertamanya memberikan stimulus buat kita. Sesudahnya tinggal bagaimana kita menerima stimulus tersebut akan dituangkan dalam sajak.

Mengenai stimulus yang kita dapati dari sebuah objek, haruslah diingat bahwa stimulus yang kita dapati seyogyanya benar-benar bukan sembarang stimulus. Artinya stimulus tersebut mampu berbicara bukan hanya sekadar apa yang nampak dalam objek, akan tetapi lebih dari itu.

Sebagai ilustrasi di atas, diberikan contoh sebagai berikut. Seorang penyair dihadapkan pada sebuah objek, katakanlah ditolak cinta oleh pasangannya. Bila si penyair hanya berbicara mengenai ratapannya saja, sudah pasti kualitas rasa yang diderita dari objek itu tidak bisa dirasakan oleh khalayak ramai sebagaimana si penyair itu merasakannya. Bahkan mungkin apa yang dibicarakannya terkesan sentimentil. Tetapi lain ceritanya apabila si penyair itu bisa mengungkapkan kualitas rasa yang diderita dari objek itu pada khalayak ramai. Sebagai jalannya ia harus mewujudkannya dalam kualitas rasa universal manusia pada umumnya. Dengan kata lain, ia harus menaklukan, menguasai banjir kualitas perasaannya sehingga dapat dirasakan oleh orang lain yang tidak megalami apa yang dialaminya.

Kedua, kualitas medium seni dalam sajak. Sudah menjadi rahasia umum bahwa sajak memakai bahasa sebagai medium penuangan seninya. Bahasa yang digunakan dalam sajak pastilah berbeda dengan bahasa surat utang-piutang, berita dalam koran, atau apapun yang lainnya selain sajak. Seorang penyair diharuskan menguasai bahasa dalam sajaknya. Bahasa yang sesajak-sajaknya. Dengan kata lain, mampu mengenal karakteristik bahasa dalam sajak yang notabene membedakan dari bahasa-bahasa yang lainnya.

Sekarang yang menjadi pertanyaan, bagaimana kualitas yang dirasakan pada objek mampu diwujudkan melalui kualitas medium seninya? Karena menurut Jakob Sumardjo dalam bukunya Filsafat Seni, sebuah karya seni baru bisa dikatakan berhasil apabila mampu menawarkan kualitas objek seni melalui kualitas medium seni. Sedangkan kita tahu sajak adalah seni juga. Sebagai jawabannya, menurut hemat penulis, kualitas yang dirasakan haruslah bisa semaksimal mungkin ditaklukkan dalam medium yang digunakan atau dipilihnya—dalam hal sajak tentunya bahasa sebagai mediumnya. Penaklukan inilah yang biasa disebut sebagai pengkomunikasian Toltstoy, objektifikasi Santayana, Simbolisasi Langer dan perwujudan Bosanquet.

Sebagai penutup, baiklah kiranya dikutip pesan bijak dari penyair Sutardji Calzoum Bachri dalam bukunya Gelak Essai dan Ombak Sajak, "Sajak yang mengandung pesan sebesar apa pun, jika ia tidak menghiraukan cara pengucapannya, takkan kunjung dianggap sajak yang berhasil. Ibarat perempuan dengan kandungan besar namun tak kunjung melahirkan."

Pernah dimuat di Buletin SeKS Edisi 5/Oktober 2002


Dikirim pada 02:01 am oleh [Candra T. Munawar]
Make a comment  

Monday, January 08, 2007
Dukun Lepus: (Teu) Kudu Disusun Heula!

Ku: Candra T. Munawar


Citakan I, 2002; 14,5 x 21 cm; 144 kaca


Dukun Lepus: (Teu) Kudu Disusun Heula

Medalna buku kumpulan carita pondok, ilaharna sanggeus karya-karya pangarangna téa nungtut dimuat dina majalah atawa surat kabar. Mun téa mah rék dibukukeun, tangtuna sanggeus dipilahan téh sawadina disusun heula sangkan puguh jengglénganana. Dukun Lepus (2002), kumpulan carpon anumertana Ahmad Bakri wedalan Kiblat Buku Utama, sanajan geus dijéntrékeun dina panganteurna cenah “Dina ieu buku dimuat carita-carita pondok Ahmad Bakri anu dipilihan tina anu kungsi dimuat dina majalah Manglé, Handjuang, jeung Pélét.” (k. 11, citak kandel ti nunulis), keukeuh rék dinaha-naha. Naha atuh sanggeus dipilihan téh henteu sakalian disusun ku anjeun? Da jeung enyana atuh, buku nu cenah mutiara titilar pangarang Sunda favorit ieu téh teu disusun, bacacar sarosopan baé.

Saenyana ieu buku nu ngurung 41 carpon téh, nyaéta Ngalongok Munding, Bedug ti Nagri Ajrak, Sapi pelén, Dirawu Kélong, Seserahan, Juag Téja, Lebaran Poé Jumaah, Sanés Maling, Miceum Balas, Leuwi Ronggéng, Indén Bajigur, Samping Panyeumpal, Bangkarak, Anjing-Anjing Nica, Nu Katunda di Manonjaya, Dokumén, Jalan Satapak di Kebon Awi, Seuweu Pajajaran Siwi Gunungjati, Gara-Gara Si Jelug, Dukun Lepus, Pista, Indung Si Enén Gering, Lini, Nurustunjung, Bonéka, Pangantén Tunda, Copét, Koper, Budak Buncir, Ngipri, Dédété, Neuteuli, Elodan, Téang na Hanjuang Siang, Mim Pitu, Kuntung Gudang Garam, Mubaligoh, Di Geusan Ngiuhan, Minantu, Kabeureuyan, jeung Cangkurileung jeung Caladi, saheulaaneun mah disusun kalawan basajan waé. Sahenteuna aya tilu padika nu basajan dina nyusun buku kumpulan carpon nu meunang milihan tina sawatara majalah atawa surat kabar. Padika kahiji, nyaéta disusun kalwan alpabétis; padika kadua, nyaéta disusun numutkeun titimangsa mimiti dimuatna (kronologis); padika katilu, nyaéta disusun kalawan nyoko kana sumber mimiti dimuatna.

Hanjakalna unggal carpon nu dimuat dina ieu buku henteu disebutkeun titimangsa mimiti dimuatna, mun terang mah éta téh perlu pisan pikeun nu maca sangkan bisa ngalenyepan unggal carpon nu kapidangkeun ti mangsa ka mangsa. Hanjakalna deui, andapon Ajip Rosidi dina panganteurna nyebutkeun sumber mimiti dimuatna, henteu ieuh kalawan gembleng nyebutkeun sabara-sabarahana. Sabaraha hiji carpon nu tina Manglé, sabaraha hiji carpon nu tina Handjuang, jeung sabaraha hiji carpon nu tina Pélét?

Munasabah mun nu milihan jeung nu méré panganteur (éditorna kitu?) pikeun ieu buku henteu iasaeun nyusun buku maké padika nu kadua jeung nu katilu, da teu jinek iraha titimangsana jeung sabaraha-sabarahana unggal carpon nu dipilihan tina sumber nu nyampak. Bawirasa kaharti kénéh ana kitu mah, ngan teungteuingeun wé nepi ka teu disusun-susun acan maké padika nu kahiji mah. Kuduna mah mun disusun kalawan alpabétis, susunanana lain dimimitian ku carpon Ngalongok Munding nu dipungkas ku carpon Cangkurileung jeung Caladi, tapi dimimitian ku carpon Anjing-Anjing Nica (k. 163-171, carpon ka-14) nu dipungkas ku carpon Téang na Hanjuang Siang (k. 371-379, carpon ka-34).

Ajip Rosidi dina panganteurna nu dijudulan ku anjeun Ahmad Bakri jeung 'Jaman Normal', saenyana geus némbongkeun tatapakan inya pikeun nyusun ieu buku. Ngan nya kitu téa, euweuh lajuning lakuna. Antukna tatapakan nu nyampak ngan semet pedaran wungkul kana sawatara carpon nu kapidangkeun. Mun ieu buku laju disusun dumasar kana tatapakan nu geus dijieun, sigana aya sababaraha piliheun nu leuwih payus dina nyusunna sakumaha nu katitén dina pedaranana. Disusun kalawan maké ugeran latar caritana, disusun numutkeun téma caritana (tématis), jeung disusun kalawan nyokot kana papasingan carpon nu mangrupa kritik, panineungan, jeung carita mistéri.

Upama disusun kalawan maké ugeran latar caritana, carpon-carpon nu aya dina ieu buku bisa dibagi kana dua bagian nu gedé dumasar kana latar tempat jeung latar waktu. Dumasar kana latar tempat, bagian kahiji nyaéta carpon-carpon nu nyokot latar kahirupan di pilemburan jeung bagian kadua nyaéta carpon-carpon nu nyokot latar kahirupan kota. Dumasar kana latar waktu, bagian kahiji nyaéta carpon-carpon nu lumangsung dina “jaman normal” jeung bagian kadua nyaéta carpon-carpon nu lumangsung dina jaman kiwari.

Saméméh ngabagi-bagi carpon dumasar kana latar tempatna, aya nu kudu dipadungdengkeun heula ngeunaan wangenan kota jeung lembur. Ajip dina tulisanana henteu nétélakeun naon nu disebut kota jeung naon nu disebut lembur pikeun kapentingan pedaranana kana unggal carpon. Wangenan ngeunaan kota jeung lembur téh perlu pisan pikeun nangtukeun carpon mana waé nu kagolongkeun kana carpon nu nyaritakeun kahirupan di pilemburan jeung carpon nu nyaritakeun kahirupan kota. Rék kumaha bisa nangtukeunana mun seug teu puguh wates-wangenna. Jadi ana kitu mah kacindekan Ajip nu unina “Caritana anu ngeunaan kahirupan kota henteu sabaraha [réana] dibandingkeun jeung anu nyaritakeun kahirupan di pilemburan.” (k. 7, kurung siku ti nu nulis) teu bisa ditarima, salian ti teu valid dasar cecekelanana ongkoh deuih teu atra sabaraha-sabarahana carpon nu nyaritakeun kahirupan kota jeung carpon nu nyaritakeun kahirupan di kampung.

Kitu deui ngeunaan latar waktuna, “jaman normal” jeung jaman kiwari, kudu terang heula naon nu nyirikeunana dina unggal carpon, sanajan geus puguh watesanana yén nu dimaksud “jaman normal” téh nyaéta “...jaman saméméh perang waktu Indonesia masih kénéh disebut Hindia Belanda...” (k. 7) jeung nu dimaksud jaman kiwari téh nyaéta sanggeus “jaman normal”. Upamana, naon nu nyirikeunana yén carpon Ngalongok Munding sakumaha cék Ajip lumangsung dina waktu “jaman normal”? Gampang temen mun dina caritana disebutkeun ieu carita kajadianana bulan anu taun saanu, tapi pan buktina mah euweuh kateranganana. Jadi ana kitu mah, naon argumén Ajip nepi ka méré kacindekan modél kitu?

Piliheun nu kaduana nyaéta ieu buku disusun kalawan tématis waé sakumaha nu kapanggih dina panganteur Ajip kana ieu buku. Mun disusun kalawan tématis bisa waé dibagi kana dua bagian nu masing-masing engkéna bakal dibagi deui kana dua bagian gedé. Bagian kahiji nyaéta téma nu nyeungseurikeun talajak manusa anu gumedé. Téma ieu bisa dibagi deui kana dua bagian, nyaéta téma nu nyeungseurikeun jalma nu guménak atawa nu ngeukeuweuk kaménakan jeung téma anu nyeungseurikeun jalma anu gumedé ku kabeungharan. Bagian kadua nyaéta téma anu nyeungseurikeun talajak manusa anu pikaseurieun. Téma ieu dibagi kana dua bagian, nyaéta téma anu ngageuhgeuykeun kalakuan manusa anu mémang pikaseurieun jeung téma nu nyeungseurikeun talajak manusa ku lantaran salah sahiji sabab nu diluareun kahayangna sorangan nyanghareupan situasi nu tragis tapi sering pikaseurieun.

Minangka contona sakumaha pamanggih Ajip, nyaéta “Téma anu nyeungseurikeun jalma anu guménak atawa anu ngeukeuweuk kaménakan téh ... di antarana Seserahan, Juag Téja, Minantu, jeung Pangantén Tunda.” (k. 8). Téma nu nyeungseurikeun nu gumedé “ku lantaran kabeungharan cara dina carita Sanés Maling..., Gara-Gara Si Jelug..., Elodan...,” (k. 8). Téma “...anu bangun ngageuhgeuykeun kalakuan manusa anu mémang pikaseurieun, upamana dina carita Inden Bajigur, Indung Si Enén Gering, Lini, Dirawu Kélong...” (k. 8). Lebah téma nu nyeungseurikeun talajak manusa ku lantaran salah sahiji sabab anu diluareun kahayangna sorangan nyanghareupan situasi anu tragis tapi sering pikaseurieun, Ajip sigana lalieun teu méré conto. Pikeun contona lah-lahan waé néangan sorangan, nya minangka contona nu kapanggih diantarana nyaéta Samping Panyeumpal, jeung Dukun Lepus.

Dina Samping Panyeumpal, tokoh “kuring” kudu nyanghareupan situasi nu tragis tur pikaseurieun alatan samping panyeumpalna. Basa tokoh “kuring” jeung tatanggana, di antarana Ceu Enit, ngalongok orok ka Ceu Inah nu geus ngalahirkeun, samping panyeumpal tokoh “kuring” téa dibikeunna kalahka ku Ceu Enit. Ceu Inah nu kungsi nyeumpal ku samping waktu tokoh “kuring” ngalahirkeun, tungtungna méré budi haseum alatan teu témbong samping panyeumpal ti tokoh “kuring”. Béda deui dina Dukun Lepus mah, tokoh “kuring” nyanghareupan situasi nu tragis tur pikaseurieun alatan tokoh “kuring” sanggeusna narékahan dulurna nu kasakit lumpuh, ku balaréa langsung dicap bisa nambaan kasakit jelema nu kumaha ogé.

Di sagédéngeun aya dua piliheun dina nyusun ieu buku sakumaha nu kaunggel di luhur, aya piliheun nu katiluna nyaéta unggal carpon nu kakumpulkeun disusun kalawan dibagi kana tilu bagian sakumaha cék pamanggih Ajip atawa ditambahan heula dua bagian deui jadi lima bagian. Bagian kahiji nyaéta carpon anu mangrupa carita mistéri, minangka contona “anu mangrupa carita mistéri téh cara Leuwi Ronggéng...” (k. 10). Bagian kadua nyaéta carpon anu “mangrupa kritik, minangka contona carita Nurustunjung..., Dokumén..., Mim Pitu...” (k. 9). Bagian katilu nyaéta crpon nu mangrupa panineungan, minangka contona nu “mangrupa panineungan pribadi..., Bedug ti Nagri Ajrak..., Ngalongok Munding...” (k. 7).

Saenyana tilu bagian nu di luhur téh kudu ditambahan heula ku dua bagian deui jadi engkéna lima bagian. Dua bagian éta téh nyaéta bagian-bagian nu teu katilik ku Ajip dina panganteurna. Bagian kahiji nyaéta carpon anu bisa disebutkeun mangrupa carita asmara. Carita asmara di dieu dihartikeun minangka carpon-carpon nu ngagambarkeun galurana rasa awéwé ka lalaki atawa sabalikna, minangka contona nyaéta Cangkurileung jeung Caladi, Téang na Hanjuang Siang, jsté. Bagian kaduana nyaéta carpon anu bisa disebutkeun mangrupa carita tahayul. Carita tahayul di dieu dihartikeun minangka carpon-carpon anu ngagambarkeun ayana kateupercayaan kana tahayul ku jalan nyalénggorkeun carita tahayul téa, minangka contona nyaéta Dirawu Kélong, Ngipri, Miceun Balas, jsté.

Sanggeusna niténan sababaraha piliheun nu bisa dipaké dina nyusun ieu buku, saenyana nyusun buku nu mangrupa kumpulan carita pondok téh lain gawé nu teu bisa diusahakeun. Dina leresan ieu, gawé éditor kudu bisa ngabuktikeun tanggung jawabna. Tanggung jawab éditor nu paling basajan di antarana nyaéta dina nyusun hiji buku. Mun buku nu dipedalkeun, utamana buku kumpulan carpon, saméméhna geus disusun heula, éta téh geus nyirikeun ayana tanggung jawab éditorna. Komo deui mun gawé éditorna téh teu semet dinya. Saméméh nyusun hiji buku, tanggung jawab utama nu nyampak di éditor saenyana nyaéta kudu bisa milu nangtukeun eusi éta buku. Dina harti, éditorna ulah sieun ku pangarang dina bebeneran nangtukeun kwalitas eusi buku. Cindekna kudu bisa ngamuncunghulkeun kwalitas eusi tulisan hiji pangarang nu sabenerna. Tah tugas éditor nu samodél kitu téh tong boro di urang, di sastra Sunda, dalah di ranah sastra Indonesia gé matak teu-pikabungaheun. Atuh ayeuna saheulaaneun mah ulah waka jauh-jauh, nu basajan wé gawékeun heula.

Candra T, Munawar, Mahasiswa Sastra Sunda UNPAD
Girang Rumpaka “Tangara”


Kungsi dimuat di tabloid mingguan basa Sunda:
Galura Edisi Ka-10/Taun Ka-16 Minggu I Juni 2004


Dikirim pada 04:08 am oleh [Candra T. Munawar]
Make a comment  

Next Page

|| KOROPAK || MIAING || LINGUISTIK || SASTRA || FILOLOGI || NARASI || PUITIKA || PEPERENIAN || SCHOLAR ||


modified template by Candra T. Munawar since Agustus 2006
from the original template by blogdrive design